Terjemahan Bacaan Sholat Basa Sunda
- Niat
- Takbir
Ari Gusti Allah eta anu Maha Agung
- Bacaan Iftitah
Ari Gustri Allah eta anu Maha Agung
Kalawan agung temenan
Ari sadayana puji eta tetep kagungan Allah
Bari seueur puji Na
Sareng Maha suci Gusti Allah
Salalawasna
Saleresna jisim abdi
Nyinghareupkeun jisim abdi
Kana diri abdi
Ka Dzat anu parantos ngadambel pirang-pirang langit
Sareng bumi
Bari loyop condong tur pasrah dina agama islam
Sareng abdi teh sanes ti golongan jalma-jalma anu musyrik
Saleresna sholat abdi
Sareng ibadah abdi
Sareng hirup abdi
Sareng maot abdi
Kagungan Gusti anu mangeranan ka sakabeh alam
Henteu aya anu ngarencangan ka gusti Allah mah hiji perkara oge
Sareng ku kitu jisim abdi diparentah
Sareng abdi teh ti golongan jalmi-jalmi anu islam
- Bacaan Surat Al-Fatihah
Kalayan nyebat jenengan Allah
Anu Maha welas tur anu Maha asih
Ari sadayana puji eta tetep kagungan Allah
Anu mangeranan ka sakabeh alam
Anu Maha welas tur anu Maha asih
Anu ngarajaan dina poe qiamat
Ka Gusti wungkul abdi ibadah
Sareng ka Gusti wungkul abdi nyuhunkeun pitulung
Mugi nuduhkeun Gusti ka abdi sadaya
Kana jalan anu lempeng, tegesna agama islam
Nyaeta agamana jalmi-jalmi anu parantos dipaparin
nikmat ku Gusti, sapertos para nabi, para syuhada sareng
anu saroleh kabeh (para solihin)
Sanes agamana jalma-jalma anu dibenduan ku Gusti,
sapetos kafir yahudi
Sareng sanes agamana jalma-jalma anu salasar kabeh,
sapertos kafir nasroni
Mugi nyubadanan Gusti kana paneda abdi AAAMIIIIIIN
- Bacaan Rukuk
Maha suci
Pangeran abdi anu Maha Agung
Sareng sagala puji-Na
- Bacaan I’tidal
Mugi nampi Gusti Allah
Ka jalmi anu muji ka Anjeuna
Hei pangeran abdi sadaya
Kagungan Gusti ari sadayana puji
Sadayana perkara anu aya di langit
Sareng sadayana perkara anu aya di bumi
- Bacaan Sujud
Maha suci
Pangeran abdi anu maha luhur
Sareng sagala pujina
- Bacaan duduk diantara dua sujud
Ya Allah mugi ngahampura Gusti ka abdi
Sareng mugi mikawelas Gusti ka abdi
Sareng mugi nyekapkeun Gusti ka abdi
Sareng mugi ngangkat darajat Gusti ka abdi
Sareng mugi ngarizkian Gusti ka abdi
Sareng mugi maparin pituduh Gusti ka abdi
Sareng mugi maparin kasehatan gusti ka abdi
Sareng mugi ngamaaf Gusti ka abdi
- Bacaan Tahiyat
Sadaya ucapan kasalametan
Sareng dua kahadean eta tetep kagungan Allah
Ari kasalametan sareng kasejahteraan eta tetep ka Anjeun
Hei eling-eling Nabi Muhammad
Sareng rohmatna Allah
Sareng kaberkahan Allah
Sareng ari kasalametan eta mugi tetep ka abdi sadaya
Sareng ka abdina Allah anu saroleh
Nyaksian jisim abdi
Kana saenya-enyana kalakuan sareng tingkah, eta
Henteu aya deui pangeran anu wajib di ibadahan ku sabenerna
kecuali gusti Allah
Sareng nyaksian jisim abdi
Kana saleresna Kanjeung Nabi Muhammad, eta
Utusan Allah
Ya Allah mugi maparin kasejahteraan ka Nabi Muhammad
Sareng ka kulawargina Nabi Muhammad
Sapertos Gusti maparin kesejahteraan ka Nabi Ibrahim
Sareng ka kulawargina Nabi Ibrahim
Sareng mugi maparin kaberkahan ka Nabi Muhammad
Sareng ka kulawargina Nabi Muhammad
Sapertos Gusti maparin kaberkahan ka Nabi Ibrahim
Sareng ka kulawargina Nabi Ibrahim
Satemenna gusti anu Maha terpuji sareng anu maha luhur
Nyuhunkeun pangraksa abdi ka Gusti
Tina siksaan kubur
Sareng tina siksaan naraka
Sareng tina kajahatan fitnah hirup
Sareng fitnah maot
Sareng tina kajahatan fitnah dajjal
Hei dzat anu ngabulak balik hate
Tetepkeun hate abdi dina agama islam
Sareng dina kataatan ka Anjeun.
- Bacaan Salam
Ari kasalametan eta mugi tetep ka anjeun sadaya
Sareng rahmat na Allah.